Kacaturkeun dina
jaman Bupati R. Aria Suriawinata anu kagungan jujuluk Dalem Solawat aya ogé nu
nyubet Dalem Santri, harita jeneng Bupati Kabupatén Purwakarta di Karawang. Ku
lantaran Karawang sok mindeng kacaahan sabab katotog ku walungan Citarum, nya puseur
dayeu dipindahkeun ka Wanayasa.
Saenggeus puseur
dayeuh pindah ka Wanayasa, Dalem Santri boga maksud pikeun mindahkeun deui
kabupatén ka belah lebak. Disebut lebak sotéh pédah Wanayasa pernahna aya di
luhur, di suku Gunung Burangrang.
Satuluyna Dalem
Santri munajat ka Hyang Agung sangkan cita-citana tinekan. Waktu mujasmedi,
Dalem Santri meunang ilapat. Saenggalna anjeunna ngageroan cutak, ayeuna mah
wadana.
?ta wadana dibéré pancén pikeun néangan tempat anu pantes dijadikeun puseur dayeuh kabupatén. Dina impian dalem yén tempat anu pipanteseun pikeun dijadikeun kabupatén téh nyaéta tempat anu aya kobakan cai sarta tangkal tanjung tilu.
?ta wadana dibéré pancén pikeun néangan tempat anu pantes dijadikeun puseur dayeuh kabupatén. Dina impian dalem yén tempat anu pipanteseun pikeun dijadikeun kabupatén téh nyaéta tempat anu aya kobakan cai sarta tangkal tanjung tilu.
“Mamang Cutak,
peuting téh kaula ngimpi, ari dina impian téh urang kabéhanana aya di hiji
tempat anu pikabetaheun. Tempatna di belah lebak, aya kobakan cai jeung tangkal
tanjung tilu.
Ku kituna, ayeuna
kénéh mamang gera miang! Jugjug éta patempatan! Upami geus kapanggih, geuwat
lapor ka kaula!” ceuk Dalem Santri harita.
“Unjuk sumangga,
kaula nun ayeuna kénéh Mamang seja permios bade milari éta patempatan !”
“Pikeun batur keueung di jalan mah ngajak waé ponggawa duaan!” ceuk Dalem Santri.
“Pikeun batur keueung di jalan mah ngajak waé ponggawa duaan!” ceuk Dalem Santri.
Gancangna carita
cutak téh indit ka lebak néangan tempat saperti anu dipisaur ku Dalem téa.
Kaayaan harita masih kénéh leuweung geledegan. Tangkal kai jeung kakayon séjéna
rembet kénéh matak hésé lumangku gagancangan. Komo wates tungtung kulon
Wanayasa, sajaba ti rembet ku kakayon téh jalana ogé rumpil. Atuh cutak jeung
dua ponggawa téh teu sirikna nété akar-ngeumbing jangkar mapay-mapay jalan
pikeun néangan tempat anu cocog jeung impian Dalem.
Saterusna cutak téh
nepi ka hiji tempat anu masih keneh leuweung ganggong-sima gonggong. Manéhna
ngadadak nyieun heula jalan, ngabukbak leuweung. Teu lila anjog ka hiji tempat
anu aya kobakan cai, tempat pangguyangan badak anu jolna ti Simpeureum jeung
Cikumpay. Kitu deui di sabudeureun éta kobakan cai téh aya tangkal tanjung tilu
persis jeung impian Dalem téa. Cutak atoheun pisan manggih éta patempatan téh,
saterusna manéhna ngalaporkeun hal éta ka Dalem. Geus kitu mah Dalem kalayan
dibarengan ku cutak ngajugjug ka éta patempatan. Sabada di bébérés éta tempat
téh dingaranan Sindangkasih. Sindang hartina eureun heula ari kasih tina kecap
asih. Jadi, Sindangkasih téh hartina tempat eureun anu pikaresepeun jeung anu
pikaasiheun.
Nurutkeun carita,
harita aya hiji lalaki tukang ngalalana nu ngarana Purbasari. ?lmu pangaweruh
Purbasari éstu nyongcolang nepi ka kapake ku Dalem dina nguruskeun rupa-rupa
pasualan. Kitu deui nalika puseur dayeuh rek dipindahkeun ti Wanayasa ka
Sindangkasih, Purbasari dipentés pangabisana pikeun mémérés éta patempatan.
Purbasari
dijenengkeun cutak di Sindangkasih ku Dalem Aria Suriawinata. Kaayaan
Sindangkasih beuki ramé nu dumuk ngalobaan. Saenggeus ningali kaayaan sarupa
kitu, Purbasari indit deui ka belah kalér anu ahirna anjog ka wewengkon
Cikampék ayeuna.
Kalungguhan cutak di
Sindangkasih diganti ku R. Rangga Natayuda. Ari éta pangguyangan badak téa, ku
cutak R. Rangga Natayuda satuluyna dibebenah dipapantes dijadikeun hiji situ.
Kitu deui wewengkon disabudeureunana dibébérés. Tempat-tempat anu tadina
lungkawing dirarata, nya jleg baé jadi palataran anu kiwari jadi palataran anu
kiwari jadi lemah Karesidénan.
Atuh urut pangguyangan badak téa saenggeus dipapantes mah
robah jadi hiji situ anu katelah ayeuna Situ Buleud téa, anu kiwari jadi salah
sahiji kareueus warga masarakat Kabupatén Purwakarta.